CARITA PONDOK PART 1
Contoh Carpon Bahasa / Basa Sunda Ciptaan Mamat Sasmita
KANG SABRI LEUNGITEUN KALANGKANG
Ku : MAMAT SASMITA
Poe Saptu isuk isuk Kang Sabri geus saged, ti mimiti
meresihan motor, meresihan jeket, jeung bebekelan, enya mawa timbel.
Poe ieu poe Saptu, biasana sok marema, da pagawe pabrik sok
loba nu baralik ka lemburna.
“Akang kahade anteurkeun heula si Sujang ka sakola…”
“Heug….geus mandi encan si Sujangna..?”
“Enggeus,….keur dibaju heula…!”
Satengah tujuh, Kang Sabri geus ngadius, bari ngabonceng
anakna, rek dianteur heula ka sakola.
“Balikna mah leumpang we Sujang, tong hayang dijemput
sagala, pan ieu teh pos Saptu sok marema ojeg teh.”
Si Sujang unggeuk.
Enyaan we marema ojeg teh, nepi ka jam 10 teh Kang Sabri
geus narik opat balikan, malah aya nu rada onjoy sagala da menta di tarik ka
Sawah Gede, teu wudu mayarna rada gede.
Kira kira keur poe manceran, aya budak awewe nu menta dianteurkeun,
teu loba tatanya deui Kang Sabri langsung nyanggupan, motor dihirupan, budak
awewe diuk di tukang, geuleuyeung motor indit.
Palebah jalan anu lenglang, budak awewe ngagerewek, hayang
eureun.
“Eureun Kang,…kuring mah rek turun didieu we,….”
Puguh we Kang Sabri kaget, motor dierem disakalikeun, motor
meh mehan ngagaleong.
“Kunaon Nyai….kapan jauh keneh….”
“Embung ….kuring mah kajeun leumpang we….”
“Naha Nyai…?”
Si Nyai bibirigidigan, bari nunjuk kana motor.
“Eta…motor…jeung awak akang euweuh kalangkangan…”
Astagfirullah……Kang Sabri sababaraha kali istigfar, bari
jeung rurat reret kana motor jeung awakna, enya geuning dirina teh euweuh
kalangkangan, padahal harita panas poe ereng erengan.
Sajongjongan Kang Sabri ukur ngahuleng, bareuheudeun, teu
ucap salemek lemek acan.
Si Nyai anu tadi di bonceng geus leumpang miheulaan, malah
siga nu lumpat duka teuing sieuneun duka teuing kumaha pikiranana.
Awak Kang Sabri asa leuleus lir di pupul bayu, teu kuat
nangtung, manehna ngalungsar sisi jalan, atuh motor tetep ngabagug, pikiran
baluweng naha bet kieu.
Geus rada leler tina kareuwasna, jung nangtung, bari tetep
alak ilik kana dirina, teu poho nyabakan motor, enya euweuh kalangkangan.
Lahlahan motor dihirupkeun deui, hirup saperti biasa, euweuh
kakuranganana, terus ditumpakan, ngadius balik deui, bari nyemprung tumpak
motor pikiran uleng naha, kunaon ieu teh….., leong motor dipengkolkeun ka
sakola si Sujang, sugan geus bubar sakolana, sakalian rek dijemput.
Enya barang nepi ka buruan sakola si Sujang keur leumpang,
bari cacamuilan ngadahar cilok,…” Sujang…buru buru naek, urang balik…”
Si Sujang atoheun nu aya, atuh buru buru ngajleng kana
pangboncengan, motor ngadius balik ka imah, sajajalan Kang Sabri teu weleh
rurat reret ka jalan ningalian kalangkang, heueuh nu kaciri teh ngan kalangkang
awak si Sujang siga nu ngadaplok teu puguh , dina hatena Kang Sabri sababaraha
kali istigfar, paingan si Nyai nu tadi dianteurkeun ngajleng embung dibonceng,
da enya ningali kitu mah bet asa ningnang.
Sanepina ka imah, kang Sabri neundeun motor dinu iuh,
dipipir imah, atuh manehna langsung asup ka enggon, ngabebengkang awak
nangkarak bari panon ngaherang. Ti pipir imah kadenge pamajikanana ngagorowok…”
Naha Sujang wayah kieu geus balik..?”,
“Har …kapan tereh da di jemput ku bapa…!”
“Kutan, maneh di jemput ku bapa, na bapa na kamana
ayeuna..?”
“Aya di jero…”
Ningali Kang Sabri nu ngabebengkang kitu, puguh we
pamajikanana reuwaseun.
“Kunaon kang…gering..?”
“Hemh..” ukur kitu kang Sabri ngawarona.
Teu lila ti harita Kang Sabri nguniang hudang “ Nyi..Akang
deuk ka Pa Mantri heula…”
“Deuk ka Pa Mantri wayah kieu….wayah kieu mah di Puskesmas
keneh atuh…., ku naon kang gering..?”, bari ngomong kitu teh leungeuna
ngaragamang kana tarang kang Sabri, nyampa bisi panas.
“Ah henteu,…ngan ieu awak asa lalungse..!” bari dug ngedeng
deui.
“ Ngopi atuh…!”
“ Heueuh pang nyieunkeun atuh….”
Pamajikanana ngaleos kadapur…” make gula kawung atawa gula
bodas kang…?”
“Gula bodas we….ambih nyerep amisna..!”
Bari ngararasakeun ngeunahna cikopi, Kang Sabri uleng
mikiran naha bet aing teu boga kalangkang, da rarasaanana mah euweuh nu karasa,
boh rieut, boh pegel linu atawa naon we nu kasebutna gering, awak jagjag
waringkas atuh pipikiran teu teu owah, ieu ge yeuh cai kopi rasana sarua jeung
cai kopi nu karasa kamari, atuh sora budak, sora si Sujang sarua siga kamari
teu beda dedengean, hiliwirna angin tina jandela karasana sarua matak seger
kana awak, atuh tetenjoan kitu keneh.
Beak cikopi sagelas karasa awak leuwih seger, Kang Sabri
cengkat, alak ilik kana beker, leuh lohor meh ahir, gura giru ka cai, teu ka
pancuran siga biasana, wudu ukur dupipir caina tina kele, karasa tiis nyecep.
Sholat kalawan husu, ati gembleng pasrah ka Mantena, teu
daya teu upaya anging Allah nu kawasa, nyanggakeun kana kersaNa.
“Kang geura dahar atuh….bisi geringna katutuluyan….” ceuk
pamajikanana ti dapur.
Di dapur dahareun geus nyampak, indungna si Sujang kaprak
keprek keur ngakeul sangu, dina piring kaciri aya pais lele kaambeu melenghir
seungit surawungna, dahar teu pati mirasa, biasana mah ari aya pais lele teh
meh mehan parebut jeung si Sujang, da pangabeuki nurun ka bapa, sarua segutna
kana pais lele teh.
“Geuning ancin kang…?”
Kang Sabri teu ngajawab, sanggeus kokocok leungeun anggur
melenyun udud.
“Tuh timbel nu tadi ge aya keneh dina motor, can kacabak…”
Ceuk gerentes hatena …naha aing mending ngomong ka indungna
si Sujang kitu, naha rek percayaeun manehna, ma enya ku aing kudu dituyun ka
hareupeun imah ngadon papanasan, naha moal matak ear….beu…….
Beak roko sabatang manehna ngagoledag deui.
“Ari si Sujang kamana…?”
“Cikeneh mah aya…!”
“Cik geroan sina kadieu pang meulikeun roko kituh…”
“Sujang…kadieu, ieu bapa pang meulikeun roko…”
Sabenerna mah lain hayang hayang teuing dipangmeulikeun
roko, nu puguh mah hayang nyaho naha si Sujang nyahoeun atawa henteu yen awak
jeung motor manehna euweuh kalangkangan.
“Roko naon bapa jeung kaman meulina..?”
“Roko keretek, ka warung Ua maneh..”
“Sujang…ari maneh geus bisa kana motor…?”
Ditanya kitu teh si Sujang ukur ngaheheh.
“Eta tuda tadi waktu di bonceng mani sakitu tipepereketna,
ke geus gede maneh kudu bisa, sahenteuna bisa nalangan bapa, bisi bapa gering,
ari tadi basa dibonceng teh genah…?”
“ Nya genah atuh Pa….ngararasakeun angin kana
ceuli..ngahiuk,….”
“Eta sugan teu rarat reret kana taneuh, titincakeun ban…”
“Henteu..peureum we da…”
“Heueuh atuh…ngan lamun geus gede heug mawa motor, kahade
kudu ningali jalan titincakan, jeung ulah peureum…bisi ngagaleong.”
Alhamdulillah, si Sujang teu nyahoeun, gerentes hatena.
Sholat asar jeung sholat magrib teh husu pisan, make jeung
ngaberebey cimata sagala, atuh ngadoa ge mani lila, anu biasana mah cong cong
leos tea, harita mah kabeh sagala doa nu apal digerenteskeun.
Bada magrib leos indit ka imahna Pa Mantri, niat teh hayang
dipariksa we bisi aya nu aneh dina awak, sugan ari ku mantri kasehatan mah
kapanggih sabab sababna, rek balaka we, tibatan jadi bangbaluh, da geus puguh
ari ukur dipikiran ku sorangan mah euweuh hasilna.
Jrut turun ti imah teh make ngucap bismilah heula nu kacida
tartibna, atuh sapanajang jalan anu geus mimiti poek babacaan sabisa bisa.
Kabeneran Pa Mantri keur aya, malah kacirina mah kakara jol,
da siga can ucul ucul, masih keneh make pakean saragem.
“Aya naon Jang Sabri,…asa sisinarieun ieu teh…” kitu teh
bari sur sor silih asongkeun leungeun sasalaman, dina korsi sareretan Kang
Sobri ningali kalangkang leungeun sorangan, ngan can pati bleg kalangkang aya
riak riak siga kalangkang kaca, ter hatena ngageter, degdegan.
“Nu mawi ieu teh hoyong diparios, ieu awak asa lalungse,
sareng…ieu dada asa gegeberan…”
Pa Mantri mariksa kalawan taliti.
“Ah teu nanaon geuning,…..ari mawa ojeg teh kudu make jeket
anu kandel, komo mun jalan peuting mah, bisi asup angin, jeung bisi dada
karancang…naon geuning disebutna teh paru paru basah….”
Kang Sabri unggut unggutan, dijero hatena mulek, naha kudu
balaka, atawa entong,…ah teu, teu kudu balaka, kapan bieu ge geus kaciri
kalangkang aing teh geus aya sok sanajan kakara kelemengna, siga kalangkang
kaca.
“Tah bawa we obat ieu..” ceuk Pa Mantri bari mere sababaraha
siki pel.
“Obat naon Bapa ieu teh,..?”
“Vitamin eta mah, ambih awak jagjag…!”
Sanggeus babayar Kang Sabri amitan, teu poho uluk salam bari
sasalaman, panona ngareret kana kalangkang, enya aya ngan tetep siga kalangkang
kaca.
Sigana Pa Mantri teu nelek nelek kalangkang, da teu openan,
anggur kalahka kaprak keprek mereskeun tas wadah obat.
Palebah pengkolan jalan muru balik ka imah, kadenge adzan
isya, Kang Sabri teu terus mulang tapi mengkol ka masjid, dina hatena bari sakalian
rek manggihan Mama Jarkasih, geus lila tara munjungan.
Datang ka masjid pas keur komat, ngahaja asup teh dina sap
kadua, salila sholat, ati manteng ka Mantena, surat Alfatihah nu dibaca ku Mama
Jarkasih, karasa nyerep, dina sujud ka dua dina rakaat ahir, rada lila manteng
ngadu’a.
Sanggeus nu sejen nungtutan baralik ka imahna sewang
sewangan, Kang Sabri ngadeukeutan Mama Jarkasih, bari nyolongkrong ngasongkeun
leungeun ngajak sasalaman, kang Sabri ngareret kalangkang leungeunna geus
sabihari deui, bakating ku atoh langsung nubruk ka Mama Jarkasih, ngeukeuweuk
pananganana, bari jeung reumbay cimata, ceurik ngagukguk. Puguh we Mama
Jarkasih siga nu reuwaseun ningali kalakuan Kang Sabri kitu teh
“ Ke ke…kunaon Jang Sabri teh…Mama mah asa rareuwas ieu teh..!?”
Kang Sabri teu balaka, naon nu sabenerna nu jadi bangbaluh
hate, harita nu kedal rumasa lur jeun ka kasepuhan, geus puguh ari ka kolot
sorangan mah da geus teu aya dikieuna duanana.
Sare teh peuting ieu mah teu tibra, Kang Sabri guling
gasahan, lamun seug kabeh salembur nyarahoeun, yen kalangkangna euweuh, beu
pimanaeun earna, pimanaeun matak helokna, sok sanajan sabenerna ngarasa teu
kaganggu, da awak mah cageur, beleger, atuh pipikiran asana teh sarua teu
kaganggu.
Isuk isuk, satutas solat subuh, Kang Sabri ngahaja neger
negerkeun awak ngadon kikiplik siga nu olah raga ngabatek awak, nu puguh mah
ngadagoan panon poe, hayang geura jentre ningali kalangkang. Panon poe meletek
ti beulah wetan ngempur cahayana, ting buricak tina sela sela daun nu keur reumisan
keneh, Kang Sabri muru kanu lega bari tetep ulak ilik ningalian
kalangkang….”Alhamdulillah…aya geuning kalangkang teh jeung jentre ayeuna mah…”
Ti lebak kadenge motor ngadudud, sihoreng baturna sasama
tukang ojeg.
“Bri…kamari teh basa kuring nganteur panumpang ka lembur
peuntas, di ditu aya budak awewe keur hariweusweus majarkeun aya tukang ojeg
euweuh kalangkangan, waktu ditanya saha sahana, eta budak teh ngan teu nyahoeun
ngaranna ngan lamun disaruakeun jeung dedeg pangadegna mah sigana didinya…”
Kang Sabri nempas…” Lah…lahuta teuing moal enya aya jalma
euweuh kalangkangan sagala,…tuh tingali apan sakitu jentrena, panjang deuih,
engke lamun tengah poe keur ereng erengan kalangkang kuring jadi mondokan…”
kitu teh bari nunjuk kana kalangkangna sorangan.
Contoh Carpon Bahasa / Basa Sunda Anu Judulna Onyet.
Carpon : ONYET
Rumasa rada tambélar. Rumasa indit poék datang poék. Kitu
téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng, diuk dina korsi di hareupeun
imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.
Jol pamajikanana, diuk gigireunana.
“Kang, tong diemutan teuing atuh, namina gé budak, can gaduh
wiwaha”.
Kang Sabri ukur ngarérét ka pamajikanana, terus neuteup ka
jauhna. Jung nangtung, babatek awak.Kang Sabri nitah pamajikanana nyokot sapatu
olah raga.
Kang Sabri ngajigjirg, olah raga lulumputan di jalan komplék
imahna. Bari lumpat lalaunan pikiranana uleng. Enya da lain teu ngarti ka
budak, bener budak mah can boga wiwaha, komo ieu kakara umur tilu taun jalan ka
opat taun, balita kasebutna gé.
Kabisana kakara diajar ngomong capétang, lulumpatan di imah,
ruwal rawél kana naon baé nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti pisan, budak mah can
boga wiwaha.Moal kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku bi
Amah?
Asa mustahil mun nepi ka kitu. Najan enya bi Amah téh ukur
badega di imahna, asa pamohalan nepi ka kudu ngomongan budak nu teu pararuguh
mah, jeung ongkoh pan budak mah can boga wiwaha.
Kang Sabri téh boga budak tilu, cikal mah awéwé geus kelas
dua SMP, pangais bungsu gé awéwé, kakara kelas lima SD. Nu bungsu lalaki,
umurna kakara opat taun jalan. Tadina mah ngarasa cukup boga anak dua téh, ngan
hayang lalaki, kahayangna téh diparengkeun, borojol nu bungsu, matak umurna gé
rada ganjor jeung lanceukna.
Karasa bagja hirup téh, karir di pagawéan nérékél najan
kakara kasubdin di pamaréntahan, pamajikan bageur, barudak séhat. Ngarasa
tanggung jawab ka kulawarga, nepi ka gawé toh-tohan, indit subuh datang peuting
téh enyaan. Urusan rumah tangga mah sagemblengna ku pamajikanana da teu digawé
kantoran. Aya kagiatan mah, kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa sa-RW,
osok rajeun ngilu kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si
bungsu nu leutik kénéh, nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang
Ciawi Tasik wedalan pasantren ti Sukapancar. Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa
jeung rapékan. Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi Amah téh,
malah geus teu dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak ge
dititah nyebut Enin, nenehna tina nini.
Kang Sabri ngemprid lumpat, ngurilingan taman di komplék
imahna. Mimiti mah diajam hayang bari ngasuh si bungsu lulumpatan téh. Tapi
budak magol, embungeun, dipaksa ge kalah ceurik bari montel ka indungna. Haté
kang Sabri asa digerihan. Rumasa ari kituna mah, tambélar ka budak. Budak téh
tara pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di kulawargana, ka bapa nyebut
ayah ari ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang Sabri digeroan ayah ku nu bungsu
ti saprak budak diajar ngomong, Tong boro digeroan, dalah dideukeutan gé budak
téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan ari batur mah budak lalaki jeung bapa
teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa, silih kélékéték téa. Ieu mah éstu siga
nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah teu bauan, malah ku batur mah sok
disebut wanter. Atuh jeung lanceuk lanceukna sakitu ruketna, lucu mun geus
nyebut tétéh, bari rada cadél téa. Ka lanceuk nu panggedéna sok ménta
dipanggambarkeun lauk emas atawa guramé, da karesepna kana lauk cai. Mun dahar
jeung lauk emas atawa guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat.
Sadar kana karumasaan sok tambélar ka kulawarga, kang Sabri
ngarobah diri, unggal poé peré sok ngusahakeun aya diimah, ambih bisa
babarengan jeung anak-anakna. Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan
kaliwat, ngan can kaciri aya hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé
Saptu ayeuna. Bagja temen mun bisa olah raga bareng sakulawarga, nungtun budak,
meuli surabi sisi jalan atawa meuli bubur hayam, dahar cacaleuhakan bari
gogonjakan, sakalian mépés késang.
Keur kang Sabri nyigcrig leumpang gancang, bari rada
ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong boro keur olah raga, dalah keur
mandi gé hapé téh kudu wé deukeut manéhna.“Pa, kadu tos dikintun opat puluh
kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu nelepon.
“Nuhun, tong maké istilah kadu atuh bisi KPK apaleun, ganti
ku istilah guramé”
“Siap pa, asal proyékna nu sanés kénging deui ku abdi”
“Bisa diatur, tos nya, nuhun” cék kang Sabri bari nutup
hapéna.
Kang Sabri leumpangna beuki gancang, aya rasa bungangang,
bari nyusut késang nu mimiti renung dina tarangna. Aya dua kuriling deui mah,
ngurilingan taman, terus mulang.Di hareupeun imahna leumpang rerencepan da
kadéngé budak nu bungsu ceuceuleukeuteukan, sigana keur diheureuyan ku
lanceukna. Enyaan budak téh hégar, enyaan budak téh capétang, enyaan budak téh
sonagar.
Kang Sabri teu kaampeuh hayang ngiluan ka nu keur heureuy,
panto dibuka disakalikeun bari nyebut “Baaa…”. Angkanan mah budak téh rék
tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah ngagoak tarik bari nyebut “Onyééét…” tuluy
ngagbrug ka lanceukna, siga nu sieun. Kang Sabri ngarengkog, nu tadina hayang
heureuy jeung budak téh jadi ceuleumeut. Jep imah jempling, nu bungsu
ngingsreuk. Torojol pamajikan kang Sabri ti dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu
ngajawab, ngan budak wé nelenjeng ngagabrug ka indungna.
Kang Sabri ngaléos, ucul-ucul baju olah ragana, gebrus
mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil, ngaguluyur teuing kamana.
Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut onyét ka dirina, naon atuh onyét
téh.
Ampir tabuh lima soré kang Sabri kakara mulang bari rébo ku
babawaan aya bubuahan, aya lauk guramé, aya kuéh jeung cocooan.
Di imahna kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka barudak,
kitu wé maca Qur’an, nu bungsu ge milu sila andekak deukeut bi Amah, maké
sarung leutik jeung dipéci bodas. Pantes budak téh jeung kasép deuih.
Kang Sabri gé ngilu diuk deukeut pamajikanana, babawaanana
mah cul wé nambru di tengah imah.
Bi Amah geus biasa ngajar ngaji, atuh kana maca buku umum gé
dokoh, pokna gé “Maca mah naon wé, nu saé kanggo picontoeun, nu awon kanggo
pieunteungeun”. Jeung ongkoh deuih ku pamajikan kang Sabri dipupujuhkeun pisan,
supaya barudak diajar ngaji bari ngadagoan waktuna magrib.
Geus kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok terus
ngadongéng, tara lila paling gé saparapat jam. Mimindengna nu didongéngkeun téh
monyét jeung kuya. Barang ngadéngé rék ngadongéng téh budak mani émprak, atoh
sigana. Harita gé Bi Amah ngadongéng monyét jeung kuya, monyét nginjeum suling
tulang maung nu kuya, tapi teu dibikeun deui.
Cék Bi Amah “Tah urang mah teu kénging siga onyét, teu
kenging hawek, teu kenging cilimit, teu kenging makmak mekmek, teu kenging
ngaku barang nu batur, saur jaman ayeuna mah teu kénging korupsi, margi éta téh
haram, komo upami mésér tuangeun tina artos korupsi mah dipahing pisan”.
Celengkeung téh budak nu bungsu ngomong “Hi hi onyét…” bari
nunjuk ka kang Sabri, terus budak téh maléngos bari ngajebian ka lanceukna.
Lanceuk-lanceukna sareuri, ari Bi Amah jeung indungna mah
ngabetem wé, kang Sabri seuri maur.
Peutingna sanggeus barudak sararé, kadéngé tinggerendeng
obrolan salaki pamajikan, nu kadéngé téh omongan pamajikanana.
“Kang urang candak hikmahna wé, da murangkalih mah suci
bersih kénéh, boa urang nu kirang wiwaha, bilih urang kantos gaduh kalepatan
boh saur agama boh darigama”.
Comments
Post a Comment